Dunia Kecilku

Selamat datang di dunia kecilku. Dunia yang terbatas ketidakmampuan mengekspresikan semua keinginan, dunia yang hanya berupa penggalan penggalan, dan akan menjadi utuh karena kehadiranmu. :D

Cep Agus diajar nulis Headline Animator

Senin, 25 Juni 2012

10 Rebu Poe

Mun seug dietang etang mah, kuring teh geus hirup leuwih ti 10 rebu poe. 10.000 lain etangan nu saeutik, tangtuna mun seug dititah nungguan 10 rebu poe tea mah matak bulukan. Tong boro 10.000 poe, 10.000 menit weh, da kesel atuh. Naha, asa teu karasa, asa karek kamari kuring di aais ku Ema ka sakola SD lantaran geuring, asa karek kamari ditakol ku kang Nurdin, satpam SMPN 2 Cianjur lantaran maen langlayangan hareupeun sakola pas waktuna balik. Asa karek kamari ngasaan bogoh, ngasaan peurihna ditolak, endahna paduduaan jeung bobogohan. Asa karek kamari oge kumpul ngariung jeung babaturan kuliah di hareupeun Pentagon teh, maen pe es jeung si Dani, gadang di Kobos jeung si aldo, ndot, mpot, ujang. Geuning 10 rebu poe katukang teh asa karek kamari, bakat ku nikmatna hirup. Tapi naha kuring masih keneh sok nyengceurikan hirup?

Tidak ada komentar: